Ngamumule Budaya Sunda

Contoh Pupuh Pucung dan Pupuh Sinom

Pupuh Sunda
Pupuh Pucung
Pucung mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
Conto tembang

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loréng leupas
Luncat kana pager déngdék
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Pupuh Sinom
Sinom mangrupa tembang pupuh nu ngagambarkeun kagum
Conto tembang

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Harta pada nareangan
Harti pada ngararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munguharti mangpaat dunya akherat
Silakan Share ke media sosial :
 
-->